Emas
| ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Umum | ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
Ngaran, Lambang, Nomer | emas, Au, 79 | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Dérét kimia | logam transisi | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Golongan, Periode, Blok | 11, 6, d | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Warna | konéng métalik | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Beurat atom baku | 196.966569(4) g·mol−1 | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Konfigurasi éléktron | [Xe] 4f14 5d10 6s1 | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Éléktron per cangkang | 2, 8, 18, 32, 18, 1 | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Pasipatan fisik | ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Fase | solid | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Dénsitas (dina h.r.) | 19.3 g/cm³ | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Dénsitas cairan dina t.l. | 17.31 g/cm³ | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Titik lééh | 1337.33 K (1064.18 °C, 1947.52 °F) | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Titik golak | 3129 K (2856 °C, 5173 °F) | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Panas fusi | 12.55 kJ·mol−1 | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Panas panguapan | 324 kJ·mol−1 | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Kapasitas panas | (25 °C) 25.418 J·mol−1·K−1 | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
| ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Pasipatan atom | ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Struktur kristal | face centered cubic | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Wilangan oksidasi | -1, 1, 2, 3, 4, 5 (oksida amfotérik) | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Éléktronégativitas | 2.54 (skala Pauling) | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Énérgi ionisasi | 1st: 890.1 kJ/mol | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
2nd: 1980 kJ/mol | ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Radius atom | 144 pm | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Radius kovalén | 136±6 pm | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Radius Van der Waals | 166 pm | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Unak-anik | ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Susunan magnétik | diamagnétik | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Résistivitas listrik | (20 °C) 22.14 nΩ·m | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Konduktivitas panas | (300 K) 318 W·m−1·K−1 | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Ékspansi panas | (25 °C) 14.2 µm/(m·K) | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Kecepatan sora (thin rod) | (r.t.) (hard-drawn) 2030 m·s−1 | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Modulus Young | 78 GPa | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Tensile strain | 0.00157 | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Modulus Shear | 27 GPa | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Modulus Bulk | 180 GPa | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Nisbah Poisson | 0.44 | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Kateuasan Mohs | 2.5 | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Kekerasan Vickers | 216 MPa | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Kateuasan Brinell | ? 2450 MPa | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Nomer régister CAS | 7440-57-5 | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Isotop penting | ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
| ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Rujukan |
Emas atawa kancana nyaéta unsur kimia nu lambangna Au (Latin: aurum) kalawan nomer atom 79. Ieu logam mulya geus ti bihari boga ajén anu luhur, boh pikeun perhiasan, patung, atawa papaés wangunan/ornaméntasi.
Di alam, ieu logam kapanggih dina bentuk guruntulan atawa 'bijih' dina babatuan, dina urat, jeung dina déposit aluvial. Emas fisikna padet, lemes, hérang, sarta leuleus, pangleuleusna ti antara logam-logam murni anu aya. Nu murni kelirna konéng caang, ngagurilap matak ngirut, katambah ku watekna anu henteu ngarandapan ka bakar/oksidasi ku hawa atawa cai. Dina widang ékonomi, emas dipaké dina sistem dinar jeung sistem Bretton Woods.[1]
Dina tungtung taun 2006, emas nu geus kungsi dikali salila ieu kira-kira nepi ka 158.000 ton[2] (sarua jeung kubus ukuran 20,2 méter). Di industri modéren, emas dipaké dina éléktronik jeung kedokteran huntu , ku sabab watekna anu tahan korosi oksidatif sarta alus konduktivitas listrikna. Sacara kimia, emas kaasup logam transisi nu bisa jadi kation trivalén jeung univalén. Dina STP, emas bisa jadi asam kloroaurat mun diréaksikeun jeung aqua regia (campuran asam), atawa jeung larutan basa sianida. Emas bisa leyur dina raksa, ngabentuk aloy amalgam tanpa ngalaman réaksi kimia. Dina pemurnian, emas bisa dipisahkeun ti logam lian ku sabab emas henteu bisa leyur dina asam nitrat nu bisa ngaleyurkeun pérak jeung logam basa (téhnik "inquartation and parting"). Asam nitrat geus ti baheula dipaké pikeun mariksa aya/henteuna emas, malah kiwari istilah "uji asam" ("acid test") jadi baku utama dina pamariksaan emas.
Pasipatan
[édit | édit sumber]Emas téh logam anu istiméwa; sagram emas bisa diamparkeun jadi lambar anu legana saméter pasagi. Lambaranana bisa ipis pisan nepi ka ampir tembus cahya. Cahya anu tembus katembongna biru semu héjo, ku sabab emas mantulkeun cahya konéng jeung beureum.[3] Lambaran emas ogé mantulkeun cahya infrabeureum, ku kituna dipaké taméng infrabeureum dina pakéan tahan panas jeung pakéan luar angkasa.[4]
Emas bisa ngabentuk campuran/aloy jeung logam lianna, utamana pikeun ngarobah pasipatan métalurgina, ngatur titik lééh, atawa pikeun ngahasilkeun kelir anu éksotik.[5]
-
Emas di alam
-
Rupa-rupa kelir campuran Ag-Au-Cu
Rujukan
[édit | édit sumber]- Gold (disalin 19 Agustus 2009)
- ↑ Komandoko, Gamal (2010). Ensiklopedia Pelajar dan UmumKomandoko. Jakarta: Pustaka Widyatama. p. 83. ISBN 9789796103713. Disungsi24 Januari 2023
- ↑ "World Gold Council". Diakses tanggal 2008-07-04. Archived 2008-05-11 di Wayback Machine
- ↑ "Gold: causes of color". Diakses tanggal 2009-06-06.
- ↑ Mallan, Lloyd (1971). Suiting up for space: the evolution of the space suit. John Day Co. p. 216. ISBN 978-0381981501.
- ↑ Salah ngutip: Tag
<ref>
tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernamacoloredgold
Bacaan salajengna
[édit | édit sumber]- Faulk W & Taylor G (1979). An Immunocolloid Method for the Electron Microscope. Immunochemistry 8: 1081–1083.
- Kodak (2006). Toning black-and-white materials. Technical Data/Reference sheet G-23, Méi 2006 [1].
- Roth J, Bendayan M, Orci L (1980). FITC-Protein A-Gold Complex for Light and Electron Microscopic Immunocytochemistry. J. Histochemistry and Cytochemistry 28: 55–57.
- World Gold Council, Jewellery Technology, Jewellery Alloys Archived 2008-06-19 di Wayback Machine
Tumbu kaluar
[édit | édit sumber]Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung gold. |
- Getting Gold 1898 book Archived 2016-06-12 di Wayback Machine
- Technical Document on Extraction and Mining of Gold
- Picture in the Element collection from Heinrich Pniok Archived 2012-10-29 di Wayback Machine
- WebElements.com — Gold
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |