Lompat ke isi

Zakat

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Sahadat, atawa panyaksén kaislaman
Artikel ieu salasahiji tina séri
Islam
Istilah-istilah Islam
Rukun Islam
Sahadat
SolatSaum
ZakatHaji
Kota Penting
MekahMadinah
YerusalemKufah
Kajadian
HijrahKalénder IslamIdul Fitri
Idul AdhaMaulid
Wangunan
MasjidMunara
MihrobKa'bah
Arsitéktur Islam
Rujukan Ajaran
Qur'anHaditsSunnah
FiqihFatwaSyari'ah
Madhab
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i

Zakat (Pajeg dina Islam) nyaéta rukun Islam nu katilu. Sacara harpiah Zakat hartina "tuwuh", "mekar", "nyucikeun" atawa "ngaberesihan". Sedengkeun sacara terminologi syari'ah, zakat nujul kana aktivitas méré sabagéan tina harta nu jumlah jeung itungananan tinangtu keur jalma nu geus ditangtukeun.

Hukum Zakat

[édit | édit sumber]

Zakat mangrupa salah sahiji rukun Islam, sarta jadi salah sahiji poko jeur ngadegna sareat Islam. Ku sabab eta, zakat hukumna wajib (fardu) keur unggal muslim nu geus mibanda sarat-saratna. Zakat kaasup kana kategori ibadah (saperti solat, haji, jeung puasa) nu geus diatur sacara rinci jeung paten dumasar Al-Qur'an jeung As Sunnah, sakaligus mangrupa amal sosial kamasarakatan jeung kamanusaan nu bisa mekar loyog jeung kamekaran umat manusa.

Macem-Macem Zakat

[édit | édit sumber]
 Artikel utama: Zakat Fitrah jeung Zakat Maal.

Zakat kabagi dua nyaéta:

  • Zakat Fitrah, zakat nu wajib dikaluarkeun ku Muslim nalika arék Idul Fitri dina bulan Romadon. Gedéna zakat ieu kurang leuwih 2,176 kilogram dahareun poko nu aya di wewengkon éta.
  • Zakat Maal (Zakat Harta), ngawengku hasil dagang, tatanén, pertambangan, hasil laut, hasil ingon-ingon, harta panimu, emas jeung pérak sarta hasil gawé (profési). Masing-masing tipeu miboga hukum, itungan, sareng syaratna sorangan[1].

Nu boga hak narima

[édit | édit sumber]
  • Fakir - nu ampir teu boga nanaon antukna henteu mampuh nyukupan kabutuhan poko hirupna.
  • Miskin - nu mibanda harta tapi henteu nyukupan kabutuhan dasar keur hirupna.
  • Amil - nu ngumpulkeun jeung ngabagikeun zakat.
  • Muallaf - nu kakara asup Islam jeung butuh bantuan keur ngaloyogkeun manéh jeung kaayaanana nu anyar.
  • Hamba Sahaya nu hayang ngamerdékakeun dirina
  • Gharimin - nu loba hutang keur kabutuhan hirupna nu halal, tapi tu sanggup mayaranana
  • Fisabilillah - nu berjuang di jalan Allah (misalna: Da'wah, Perang jsb)
  • Ibnu Sabil - nu béakeun béya dina perjalanan.

Hikmah Zakat

[édit | édit sumber]

Hikmah tina zakat di antarana:

  1. Ngurangan kasenjangan sosial di antara nu beunghr jeung nu miskin.
  2. Pilar amal jama'i antara nu beunghar jeung para mujahid sarta da'i nu bajoang jeung da'wah dina raraga ngaluhurkeun kalimah Allah SWT.
  3. Ngabérésihan jeung ngikis ahlak goreng.
  4. Alat pikeun ngabérésihan harta jeung pangjaga tina katamakan jalma nu jahat.
  5. Ungkapan rasa sukur kana ni'mat nu dipaparin ku Allah SWT.
  6. Keur ngamekarkeun potensi ummat
  7. Pangrojong moral ka jalma nu kakara asup Islam.
  8. Nambah pendapatan nagara pikeun proyek-proyek nu berguna keur ummat.

Zakat dina Al Qur'an

[édit | édit sumber]
  • QS (2:43) ("Jeung geura aradegkeun sholat, kaluarkeun zakat sarta geura ruku' babarengan jeung nu raruku'".)
  • QS (9:35) (dina poé dipanaskeun emas pérak éta dina naraka jahannam, tuluy dibeuleum tarang maranéhanana ku emas pérak éta, jero beuteung sarta tonggong maranéhanana (tuluy disebutkeun) ka maranéhanana: "Ieu pisan rajakaya anjeun anu manéh simpen pikeun diri anjeun sorangan, mangka rasakeun ayeuna (alatan ti) naon anu manéh simpen éta.")
  • QS (6: 141) Sarta Mantenna anu ngajadikeun kebon-kebon anu ngajungjung sarta anu henteu ngajungjung, tangkal korma, tutuwuhan anu rupa-rupa buahna, zaitun sarta dalima anu sarupa (wangun sarta warnana) sarta henteu sarua (asana). Pék dahar ti buahna (anu rupa-rupa éta) lamun baruahan, sarta bayarkeun hakna dina poé metik hasilna (kalawan disidkahkeun ka fakir miskin); sarta ulah manéh kaleuleuwihi. Saéstuna Alloh henteu mikaresep jelema anu kaleuleuwihi).
  1. Admin. "Zakat Mal: Pengertian, Hukum, Syarat Wajib dan Cara Menghitungnya". LAZ al-Hilal (dalam id-ID). Diakses tanggal 2022-09-08.